Singaparna mangrupi ngaran tempat,hiji kota nu aya di kabupaten Tasikmalaya.
Kiwari singaparna teh beki rame wae,bisa disebutkeun pusat niaga diwewengkon tasik kulon mah,eta we ningali pasar singaparna beuki rame wae,boh beurang,kitu deui peuting pasar malem na ge rame ayena mah,utamana nu daragang kadaharan katingali parayu na.
Duka kusaha dingaranan singaparna jeung naon hartina,kuring ge nu kasebut,jeung sok ngakukeun urang singaparna mun di pangumbaraan,teu apal harti ecesna singaparna teh. Ngan sok loba nu ngartikeun yen singaparna teh singa nu gering parna atawa ripuh ceunah,malah nu nanya bari lohong ka kuring ge loba nu ngomong can cager keneh cenah singa teh,mun disebut keun ti singaparna teh.
Ari disebutkeun singa ripuh/parna mah,kuring asa kurang panuju,sabab identikna kana lemah atawa leuleus ari geuring parna teh,matak ku kuring mah sok di jawab we,cekeng teh singaparna teh lain singa nu keur gering parna/ripuh,tapi SINGA laPAR kabiNA-bina, jadi galak pisan pan singa keur lapar mah Eta oge karangan kuring sorangan narjamahkeun ngaran singaparna ngarah kesan na teu leuleus/ripuh teuing! duka para saderek urang singaparna mah satu kitu?cik pek mun nu satuju ngacung kadinyah!he.he.
Tapi ketang mun ditilik tina patempatan ka beulah wetaneun singaparna aya ngaran tempat deui nu ngarana Badakpaeh, duka mun bener mah tas gelut jeung singa meureun badak teh eleh,nepika paehna,ari singa sanajan meunang ari pulang gelut tea pasti taratu mereun nya nepika geuring parna meureun,bisa jadi siganakitu tah asa rada nyambung nya baraya?cik pek kira-kira mana nu keuna kana harti singaparna teh?pek palikiran!tapi omat ulah koleng teuing mikirna!komo kabarudak sakola mah,mending mokiran pelajaran ketang daripada mikiran ngaran singaparna teupararuguh nya? komo kanu geus rarabi meuning mikiran piusahaeun daripada mikiran ngaran singaparnanya!
Ieu mah tamba eweuh tuliseun we daripada nuliskeun kagorengan batur dosanya baraya!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar